Tuliskeun tilu ciri bedana pupuh jeung kawih
B. Daerah
irnesprawita
Pertanyaan
Tuliskeun tilu ciri bedana pupuh jeung kawih
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu dilakukeun sangkan bisa mikanyaho ciri bedana pupuh jeung kawih nyaeta urang kudu ngarti heula naon nu dimaksud kawih jeung pupuh. Kawih nyaeta salah sahiji rupa lalaguan lalaguan Sunda anu rumpakana mangrupa wangun puisi. Sedengkeun pupuh nyaeta patokan atawa aturan nu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda nyaeta saperti guguritan jeung pupuh.
Pembahasan
Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta tilu ciri bedana pupuh jeung kawih sacara lengkep:
- Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas nu rumpakana mangrupa wangun puisi. Sedengkeun pupuh nyaeta aturan atawa patokan nu biasa digunakeun dina puisi Sunda nyaeta guguritan jeung wawacan anu ditepikeunana dihaleuangkeun ngagunakeun tembang, kusabab kitu pupuh sok disebut oge tembang.
- Rumpaka nu aya dina kawih henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun rumpaka nu aya dina pupuh atawa tembang kaiket ku aturan nyaeta aturan nu disebut guru wilangan jeung guru lagu.
- Kawih kauger ku ketukan. Sedengkeun pupuh atawa tembang henteu kaiket ku ketukan.
Pelajari lebih lanjut
- Pengertian pupuh, dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12829092
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Pengertian dari pada, padalisan, guru wilangan, guru lagu https://brainly.co.id/tugas/1375274
__________
Detil Jawaban
Kelas : I
Mapel : Bahasa Sunda - Pangaresep
Bab : 2
Kode : 1.13.2
Kata Kunci : Ciri bedana pupuh jeung kawih