Tolong ya; Naon Eusi sajak priangan karya rahmat m. Sas karana
B. Daerah
latse6593
Pertanyaan
Tolong ya; Naon Eusi sajak priangan karya rahmat m. Sas karana
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Eusi sajak Priangan nyaeta yen endahna tanah Priangan teh diibaratkeun saperti geulisna mojang anu lenjang atawa mojang anu jangkung tur semu hideung, mulus jeung beresih. Tanah Priangan teh unggal poe kasinaran ku sarangenge atawa panon poe. Sedengkeun lamun peuting tanah Priangan teh dipepende atawa dikelonan ku cahaya bulan. Nu nyieun ieu sajak teh, kubakat mikacinta, nepi ka nyebut jungjunan atawa kabogoh ka tanah Priangan. Salian ti eta, lamun nu nyieun ieu sajak engke puput umur atawa maot, cenah hayang dikurebkeun di tanah Priangan.
Dina sastra Sunda, sajak kaasupna kana kana wangun puisi. Ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Dina puisi Sunda, sajak kaasupna kana wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda lianna, salian ti sajak, anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti mantra, kawih jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan, wawacan jeung sisindiran. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sisindiran kaiket kua aturan anu aya dina sisindiran.
Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina rumpaka sajak aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka sajak, nyaeta unsur jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Tema atawa jejer nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka sajak. Nada jeung suasana nyaeta sikep anu nulis rumpaka sajak anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca sajak. Rasa nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu maca sajak kana poko pasualan nu aya dina rumpaka sajak. Amanat nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu nepikeun sajak atawa anu ngarang sajak ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta sajak.