B. Daerah

Pertanyaan

Naon hartina pribahasa "Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok" , jeung babason "Lamun keyeng bakal pareng"?

1 Jawaban

  • "Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok" jeung "Lamun keyeng tangtu pareng" teh dua-duana sarua mangrupakeun paribasa. Eta dua paribasa teh miboga harti anu ampir sarua. Paribasa mangrupakeun salasahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh jeung harti anu geus maneuh oge.

    Pembahasan

    Hartina paribasa "Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok" nyaeta ari ku leukeun mah, laun-laun jadi bisa. Sedengkeun hartina paribasa "Lamun keyeng tangtu pareng" nyaeta lamun diusahakeun bener-bener, pasti anu dicita-citakeun teh bisa kahontal.

    Kusabab pakeman basa teh nyaeta kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh, tangtu paribasa "Lamun keyeng tangtu pareng" teu meunang diganti jadi "Lamun keyeng bakal pareng", sanajan eta bedana saeutik. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529

    2. Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812

    3. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Pribasa, babasan, pakeman basa

Pertanyaan Lainnya