B. Daerah

Pertanyaan

Contoh panumbu catur

1 Jawaban



  • ngabuka sawala


    Assalamu’alaikum wr.wb

    Para pangjejer sareng para pamilon anu ku simkuring di pikahormat, puji sinareng sukur hayu urang sami-sami panjatkeun kahadirat Allah SWT anu parantos maparinan ka urang sadaya nikmat kasehatan sinareng kasempetan sahingga urang tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, petepang raray dina ieu kasempetan kalawan dina kawilujeungan.

    Solawat kalih kasalametan mugia tetep dilelerkeun ka jungjungan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kaluwargina, ka para sohabatna, sareng mudah-mudahan nepi ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Aminn..

    Tepangkeun wastapun (......) simkuring ngagem pancen janten panumbu catur teu hilap ngahaturkeun rewu nuhun kapara pangjejer sarta pamilon anu parantos kersa hadir dina ieu kempulan kanggo medar sareng ngadiskusikeun ngeunaan e-learning. Ku kituna supados henteu nyangkolong kana waktos, hayu urang sadaya buka ieu sawala ku aosanBamallah  sasarengan.


    2. ngawanohkeun pangjejer

    Para pangjejer sareng pamilon anu ku simkuring dipihormat

    Sataacan nincak kana acara nu salajengna supados teu di saha-saha, sim kuring seja nepangkeun para pangjejer nu bade ngadugikeun kamandangna

                Pangjejer nu kahiji nyaeta,  Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd anu asalna ti ciamis, bobor kaping 29 Februari 1956 mantena mangrupikeun pangamat pendidikan ti dinas pendidikan provinsi jawa barat. Wilujeung enjing bapa, haturnuhun kana kasumpingana.

    Anu kadua nyaeta Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd  anu asalna ti Lembang, Kabupaten bandung Barat boborna kaping 24 Desember 1968 mantenna mangrupikeun guru anu kawilang senior anu tangtuna parantos ngaraoskeun parobihan parobihan dina sistem pendidikan salila ieu. Wilujeung enjing ibu, hatur nuhun kana kasumpingannana.


    3. ngatur jalana sawala


    Para hadirin, supados urang leuwih neleman ngenaan jejer anu bade dibahas ku urang sadaya, hayu urang regepkeun kamandang ti para pangjejer.

    Sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd kanggo ngadugikeun kamandangna.

    Hatur nuhun ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Sae kacida naon rupi anu didugikeunana, saalitna parantos muka pandangan urang sadaya ngeunaan e-learning. Nurutkeun mantenna e-learning teh mangrupikeun salah sahiji kamajuan dina bidang pendidikan anu tiasa ngajadikeun siswa teh aktip tur tanggap khususna kana pelajaran. Siswa anu salila ieu ngan ukur jadi objek, nu saukur diuk, ngaregepkeun guru nu ngocomblang di robah pikeun jadi subjek neangan rupi rupi elmu ngan lain saukur ti guru wungkul.    

    Kumargi kitu hayu urang lajengkeun wae ieu sawala. Anu salajeungna ka Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd dihaturanan kanggo ngadigukeun kamandangna.

    Hatur nuhun ka Ibu Drs.Hj. Ayyi Arrasyid M.Pd anu atos ngadudikeun kamandangna. Nurutkeun mantenna ayana e-learning teh ngagaduhan kalewihan oge kakurangan. kalewihanna nyaeta pangajaran tiasa langkung di efektifkeun sarta lewih efisien dina hal waktos. Sajabi ti eta pangajaran tiasa di lakukeun di mana wae, lain saukur di sakola wungkul. Ari kakuranganna nyaeta, e-learning  teh teu acan tiasa dilarapkeun di tiap daerah di Indonesia kusabab kakendala ku sarana oge prasarana.


    Kulantaran waktos anu sakeudik, salajeungna sim kuring bade ngawatesan kanggo pamilon nu bade tumaros, ngan ukur kanggo tilu urang. Dina ngadugikeun patarosannana kedah ngacungkeun pananganana teras nyebatkeun namina sarta teu kenging gogorowokan.

    Hatur nuhun ka (.....) anu tos ngadugikeun patarosanana, patarosanna kirang langkung ngenaan kabijakan pamarentah kangggo ngaleungitkeun katimpangan utamina dina hal sarana prasana anu ngadukung diterapkeunna e-learning. sumangga ka bapa Drs. Arif Rahman Hakim M.M M.Pd kanggo ngawaler patorasanana

    Hatur nuhun ka bapa anu parantos ngawaler patarosan ti Ainun , anu isi waleranna nyaeta pamarentah teh saleresna mah nuju ngusahakeun kanggo ngaleungitkeun katimpangan eta ku cara ngalokasikeun dana kinten kintenna 16 triliun kanggo ngarojong program e-learning ieu.

    4. nutup sawala


    Teu karaos ieu acara teh parantos rengse. Alhamdulillah ieu acara téh ti kawit dugi ka réngséna parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Ku kituna hayu urang sesarengan nutup ieu acara ku maosan hamdalahsasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin


    Sim kuring salaku panumbu catur sareng saparakanca neda hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan-cariosan oge paripaos anu matak teu genah kana manah hadirin sadayana. Mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosan ti sadayana

Pertanyaan Lainnya