Contoh panumbu catur
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu dilakukeun sangkan bisa nyieun contoh panumbu catur nyaeta kudu mikawanoh naon nu dimaksud panumbu catur sarta mikawanoh ragam basa nu aya dina basa Sunda. Panumbu catur teh nyaeta sarua hartina jeung moderator. Pancen moderator nyaeta mingpin jeung ngarahkeun lumansungna hiji sawala. Sawala teh hartina sarua jeung diskusi. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.
Pembahasan
Dialog antara panumbu catur jeung pihak lianna nu aya dina sawala atawa diskusi teh mangrupa salahsahiji rupa tina paguneman. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas, sarta kalimah nu digunakeun dina paguneman tinulis mangrupa kalimah langsung. Ditilik tina suasanan, aya dua rupa paguneman nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi.
Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan. Saperti disebutkeun di luhur, nu mingpin atawa ngarahkeun lumangsungna sawala teh nyaeta panumbu catur. Sawala basa Sunda bisa ngagunakeun boh ragam basa hormat / lemes boh ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto panumbu catur dina hiji sawala ngeunaan "Tatakrama Basa Sunda" nu ngagunakeun basa Sunda ragam basa hormat / lemes:
Sawala Tatakrama Basa Sunda
Panumbu Catur : Assalamualaikum wr wb, puji sinareng sukur mangga urang haturkeun ka Gusti Allah SWT anu parantos maparin rahmat ka urang sadayana. Hatur nuhun ka para wargi sadayana anu parantos sumping dina ieu sawala. Anu janten tema dina ieu sawala teh nyaeta "Tatakrama Basa Sunda". Salaku urang Sunda urang kedah tiasa ngamumule basa Sunda. Salah sahiji cara supados urang sadayana tiasa ngagunakeun basa Sunda sacara leres urang kedah uninga naon anu dimaksad Tatakramam Basa Sunda. Kukituna, dina dinten anu sae ieu urang kasumpingan ahli basa Sunda anu parantos kakoncara nyaeta Bapa Dr. Asep Sutisna. Kanggo masihan gambaran saha Bapa Dr. Asep Sutisna teh mangga urang sami sami ngaregepkeun CV atanapi riwayat hirup anjeunna. Bapa Dr. Asep Sutisna teh marantoskeun pendidikan jurusan sastra Sunda S1 na di Universitas Sunda anjeunna teras ngalajeungkeun pendidikanana di Walanda kenging dugi ka lima taunna. Samulihna ti Walanda anjeunna janten dosen sastra Sunda di Universitas Sunda. Upami ningali kana pendidikan sareng pangalaman anjeunna, tangtos anjeunna teh uninga pisan kana seluk beluk sastra sareng basa Sunda. Kukituna, kanggo nyawalakaeun pentingna urang Sunda uninga kana Tatakrama Basa Sunda, dihaturan ka Bapa Dr. Asep Sutisna kanggo ngadadarkeun bahasannana.
Pangjejer : .....
Panumbu Catur : Para wargi sadayana, tah kitu geuning anu dimaksad Tatakrama Basa Sunda teh. Ayana ragam basa dina basa Sunda teh sanes kanggo ngabenten benten jalmi tapi kanggo ngahormat ka anu langkung sepuh sareng ngajenan ka sasama. Masih aya kenah waktos 30 menit deui. Mangga kanggo para wargi anu bade ngadugileun patarosan atanapi kamandang dihaturanan. Supados gampil mangga dihaturanan opat urang kanggo ngadugikeun patarosan atanapi kamandang anu salajengna eta patarosan atanapi kamandang teh dicatet kanggo engke tiasa diwaler ku Bapa Dr. Asep Sutisna.
Pamilon 1 : .....
Pamilon 2 : .....
Pamilon 3 : .....
Pamilon 4 : .....
Panumbu Catur : Hatur nuhun kana patarosan sareng pamndangna. Anu kahiji, katilu sareng kaopat mangrupi patarosan. Anu kadua mah mangrupi pamadegan. Mangga dihaturanan ka Bapa Dr. Asep Sutisna kanggo ngadugikeun waleranana.
Pangjejer : .....
Panumbu Catur : Hatur nuhun ka Bapa Dr. Asep Sutisna anu parantos ngadugikeun waleranana. Tah kitu geuning, ari kapungkur mah ayana ragam basa dina basa Sunda teh karaosna sapertos ngabenten benten jalmi, namung ayeuna mah parantos ditegeskeun wirehna ayana ragam basa dina basa Sunda teh kanggo ngahormat ka anu langkung sepuh sareng ngajenan ka sasama. Kukituna istilah nu kapungkur disebat Undak usuk Basa teh ayeuna mah digentos ku Tatakrama Basa Sunda anu kakupingna langkung egaliter. Para wargi sadayana, alhamdulillah dina sawala ieu urang sadayana tiasa kenging elmu anu teu kinten pentingna kanggo ngamajengkeun budaya Sunda utamina kanggo ngamumule basa Sunda. Rupina dicekapkeun dugi ka dieu sawala ieu, hatur nuhun kana kasumpingan Bapa Dr. Asep Sutisna sareng para wargi sadayana. Wassalamualaikum wr wb.
Pelajari lebih lanjut
- Tugas panumbu catur https://brainly.co.id/tugas/4601892
- Tugas panata acara jeung panumbu catur https://brainly.co.id/tugas/13413361
- Pengertian girang acara https://brainly.co.id/tugas/12816378
__________
Detil Jawaban
Kelas : XII
Mapel : Bahasa Sunda - Pemandu Acara
Bab : 5
Kode : 12.13.5
Kata Kunci : Contoh panumbu catur